Opik kaluar ti imahna, gontoyoh...leumpang bari teunangan. Reg kantong sakola ditepuk-tepuk. Huleng.... gontoyoh deui tepi ka parapatan jalan raya, manehna kalahka ngajentul sisi jalan. Paneuteupna manco ka barudak pantaranana nu keur ngamen laang panto angkot nu kaeureunkeun ku beureumna lampu stopan. Pangamen kecrek, Opik mah nyebutna, pedah nyanyi make kecrek.
Tingkah laku pangamen kecrek teh teu leupas tina paneutep Opik. Belenyeh manehna imut bari unggeuk-unggeukan. Gidig muru sakolana, geus tilu poe kitu teh. Poe harita manehna saperti nu geus manggih kapastian beungeutna nu nguyung ngadadak cahayaan.
Ti harita, geus opat poe Opik teu sakola, ti imahna mah indit di saragam tepi ka parapatan salinger ka tukangeun kios roko klaur deui geus make baju ladu, baju saragamna dibebeskeun kana kantong sakolana nu digantungkeun tukangeun kios. Ngamen, laguna satimu-timu, lagu Slank, Dewa 19, atawa lagu Iwan Fals. Jam 1 beurang karek mulang i saragam jiga nu balik sakola.
Ba’da Isya balik ngaji, Opik nyumput ngitung hasil ngamen. “ Duh mun Ema jeung Bapa bogaeun ..... moal kieu “. gerendengna ngaheruk.
Sep, duit receh teh dicecepkeun kana handapeun kasur lepet pangsareanana. Biasa memeh ngagoledag sok netep heula kantong sakolana. Renghap jero naker, goledag huleng....
Poe mimiti ngamen, pangamen sejenna ti darelek, poe kaduana kecrek meunang meuli ti tukang kios direbut, poe katilu jeung tad poe ka opat manehna pada ngusir bari pada ngadegungkeun. Teuing dina poe isuk poe kalima ..... Ah, rek sabar we, duit can pas moal waka eureun tekadna.
Jam 11 poe kalima Opik masih keneh aya dina parapatan, jam 12 euweuh teuing kamana. Jam lima sore geuleyeung mobil Cilt Buntung ka parapatan kabeh budak tukang ngamen naraek kana mobil. Supirna nu bewos nanya ka pangamen nu panggedena “geus diwarah budak nu cengkrang teh ? “ cenah ngaharewos.. nu ditanya unggeuk bari ngacungkeun jempol leungeunna.
Poe ka genep Opik panggih dina Hong got jalan, Beungeut jeung awakna taratu tapak panyiksa geus taya nyawaan, kantong sakolana kapanggih tukangeun kios. Dijerona salian alat-alat sakola oge saragam jeung salembar kertas tagihan ti sakola lima bulan can mayar SPP !
Opiiiiik.....hampura Ema anaking mun Bapa jeung Ema jalma aya hidep teh moal nepi ka kieu ! Indung ngageungeuik hareupeun layon bari nyepeng sakeupeul duit receh jeung salembar kertas tagihan SPP.
Jumat, 12 Maret 2010
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar